Sabtu, 06 Oktober 2012

Carpon

Waktu jaman kelas XI dahulu kala, kita dapet tugas bikin carpon nih carpon itu Carita Pondok, ya cerita pendek tapi bahasa sunda..Ini carponnya Despri, di copy langsung dari folder asli. Kalo yang Ira, lupa naro sih kayaknya..yang jelas waktu itu banyak juga yang tugasnya dibikinin Ira *bukan untuk ditiru*.




Mari kita baca bersama-sama..*drum effect*



Carpon

‘HP’ ANYAR
Di hiji Desa kacaritakeun aya hiji budak nu ngaranna Dudung . éta budak teh kacida olo-olo. Lamun aya kahayang téh kudu geuwat dicumponan ku kolotna. Mimitina téh manehna hayang sakola di sakolaan anu élit, diturutkeun ku kolotna. Tuluy hayang PS3, diturutkeun deui. Pokonamah sagala kahayang kudu diturut.

Hiji poe disakolaan Dudung téh aya budak anyar. Geulis, beunghar pindahan ti Jakarta. éta budak téh ngaranna Susi. Caritanamah Dudung bogoh ka Susi.

Dudung tuluy neangan cara sankan bisa deukeut jeung Susi. Ungal isuk-isuk, Dudung geus aya di gerbang sakola nungguan Susi datang.  mun Susi geus datang, tuluy wéh Susi teh dianteur nepi ka kelasna. Balik sakola gé nyakitu deui waé Dudung satia nungguan Susi.

Dudung téh boga babaturan deukeut, ngaranna Reni. Reni teh deukeut jeung Susi, Dudung téh kacida bungahna boga babaturn siga Reni.

“Dung, ieu nomerna Susi “ ceuk Reni.
“Nuhun pisan atuh Ren...” tembal Dudung.
“Tapi Dung, anjeun kan apal sorangan Susi téh budak nu beunghar, jadi lamun rék ngadeukeutan téh anjeun kudu boga kandaraan heula, minimal motor lah...”ceuk Reni mamatahan.
“Oh enya atuh, éngke kuring menta heula ka Bapa”ceuk Dudung
Balik sakola teh Dudung ngan bulak-balik waé ditegah imah nungguan bapana datang. Ari bapana geus datang, pok wé Dudung ngomong “pa, Dudung hoyong motor”.
“eh,, ari motor téh lain harga sarebu atawa dua rebu atuh Dung, bapa kudu kukumpul heula”ceuk bapana.
“Nya pokonamah hoyong motor we atuh, lamun henteu buru-buru mah Dudung kabur deui wéh”tembal Dudung.
Geus apal pisan adat budakna, bapana geus teu bisa nanaon. Bareto ogé basa hayang komputer Dudung teh nepi ka rék kabur. Jadi, langsung bae Dudung teh dipangmeulikeun motor.
 Geus saminggu, motor teh datang. Puguh we Dudung kacida bungahna.
“engke balik sakola bisa nganterkeun Susi atuh..”ceuk Dudung dijero hate.
Balik sakola teh nyaan we Dudung ngajak balik bareng ka Susi, bari rek ngomong yen Dudung teh boga rasa ka Susi.
Lila-lila, acan jadi kabogoh Dudung teh geus siga jadi tukang ojegna Susi. Kamana-mana téh dianteur jemput wae.
Poe minggu, Susi téh hayang liburan, hayang ngojay ceunah. Nya ku Dudung mah diturut we. Tapi, barang rek ngojay pisan HP Dudung teh murag ka cai.
Balik ngojay, Dudung langsung ngomong ka bapana “pa, HP murag ka cai, ayeuna teu hurung. Pokona Dudug hayang HP anu alus sarta canggih”
Teu lila, Dudung téh dibéré duit ku bapana jang meuli HP. Indit we Dudung téh, caritanamah rek meuli HP tea. Tapi, dijalan Dudung manggihan Susi keur duaan jeung lalaki, anu sabenerna éta téh kabogoh Susi ti Jakarta.
Bakat ku keuheul, Dudung téh kekebutan dijalan. Tungtungna mah motor Dudung nabrak tangkal anu aya di sisi jalan. Dudung jeung motorna labuh. Motorna rusak, Dudungna nyerieun.
Dudung dibawa ka Rumah sakit, sukuna potong, huntuna coplok dua. Tungtungnamah éta duit jang meuli HP teh dibeulikeun kana huntu palsu.
Atuh jadi we Dudung téh lain boga HeandPhone anyar, tapi bogana ‘Huntu Palsu’.
“tuh Dung... matakna ari boga kahayang téh ulah buru-buru, jeung lamun dijalan téh tong kekebutan”ceuk bapana mamatahan.
“muhun pa, hapunten”ceuk Dudung bari tungkul ngarumasakeun kasalahanna.......



Desprianti Barkah
XI ALAM 4







Tidak ada komentar:

Posting Komentar